Lirik Lagu Cimata Cinta – Bah Dadeng

Mega hideung nu alum semu nu nguyung
Langit angkeub hideung taya bengras deui
Duh gusti kanyeri teu euih euih.
Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat
##
Pasusubuh ngaririncik hujan leutik
Lir mareungan ceurik ati nu keur gering
Duh geulis kanyeuri teu euih-euih
Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat
(Lirik Lagu: Lirik Lagu Aisan Indung – Bah Dadeng)
Reff
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang
Rasa ka asih teu leugit-leungit
Rasa kasono hese pohona
Rasa kameulang teu ilang-ilang
Rasa kacinta ngamuara jero dada
(Kembali ke ##)
# Lirik Lagu Cimata Cinta – Bah Dadeng


